Bapa Uing

Uing teh keur anteng, nungguan manuk di huma, basa Ema datang hariweusweus ,bari rambay cipanon, ngabejaan Bapa di cangkalak, dibawa ka kantor pulisi. Awak Bapa di buligiran , socana barareuh ,meh-mehan rapet teu tiasa ningali, Pameunteuna harejo ,uing tipepereket nahan cipanon nu maksa rek murubut.
" Lalaki ..Ulah Ceurik ! , jaga ngaran Bapa jeung Indung hidep !!" , soanten Bapa haroshos, ramo pananganna ngusapan sirah uing ,tina sela-sela jaruji beusi.Ti saprak kajadian eta , uing teu bisa deui manggihan bapa.teu bisa deui nyeuseup kadeudeuh Bapa. Ceuk beja titatangga ,nyawa bapa uing di dudut paksa di hareupeun regu tembak ...teuing iraha jeung teuing di mana ?Pernah ,Sakali mangsa uing maksa ka ema, hayang nyaho kasalahan bapa . " Bapak hidep boga impian nu teu parok jeung kahayang nagara ! " kitu ceuk Ema , dina sela-sela inghakna nu geus taya cimataan.
Ayeuna Uing , jadi betah cicing di huma , sabab pameunteu bapa sok sering nembongan di bawa kalakay nu murag katebak angin .